Postingan

MISTERI

NU BAKAL kaalaman dina mangsa ka hareup, eta mangrupa misteri atawa ghaib alias rusiah Gusti. Teu aya saurang oeg makhluk-Na nu apal. Mung Anjeunna nu uninga. detik, menit, jam, poe, minggu, bulan jeung taun nu bakal datang, sadayana ge rusiah. Misteri. Jalma ngan saukur bisa usaha nyieun rencana (planning) nu sahade-hadena. Nyieun program atawa agenda nu saalus-alusna. Tapi, nu ngersakeun sareng henteuna mung Allah. Manusa boga rencana, Allah ge gaduh renca, rencana Allah nu bakal kajadian. Diri kudu siap keur nyanghareupan dua hal dina mangsa nu bakal datag. Hal nu saluyu jeung rencana atawa program dunia atawa malaikat maut ngajemput. Nyabut roh kaluar tina jasad nya maot ngaranna. Kudu siap. Daek teu daek kudu siap jeung rido kana papasten Gusti. Hirup kumelendang di alam marcapada ngan saukur darma wawayangan. Usik diusikeun, malik dimalikeun mung ku Allah nu ngawasa alam dunya. Hirup estuning ngan katitipan sadaya hal ti Allah. diri sasampiran awak sasampayan. Masih dipa...

Senyum

Senyum manis itu dahsyat. Senyum itu bukan hal biasa dan sepele. Karena dengan senyum bisa membuat seseorang bahagia. Bisa menmbuat orang menjadi semangat dan optimis dalam berjuang. Hiasi hari dengan menebar senyum. Tak akan rugi bila setiap bertemu orang melempar senyum manis. Tapi sebaliknya, semakin sering memberi senyum, maka akan semakin banyak orang yang merasa nyaman bergaul. Senyum akan menghasilkan buah yang banyak dan bermanfaat bagi yang melakukannya. Antara lain: 1. Ramah dalam pandangan orang lain 2. Kebiasaan positif 3. Membuat diri selalu bahagia 4. Membuat orang lain bahagia 5. Membuat orang lain merasa nyaman 6. Orang lain akan mudah berkomunikasi 7. Mudah dikenal dan diingat orang 8. Menjadi kenangan yang baik setelah meninggal 9.Mendapat pahala sedekah 10. Akan mendapat timbal balik kebaikan

Biaya Produksi Album Pop Sunda

Biaya Produksi Album Pop Sunda 1. Lagu                                       : Rp. 1.500.000 2. Aransemen musik+rekaman  : Rp. 2.000.000 3. Shooting Video Klip              : Rp. 1.500.000 4. Akomodosi +logistik             : Rp.    700.000 5. Iklan di TV lokal                   : Rp. 1.500.000 Eta biaya produksi hiji lagu. mun 8 lagu nya tingal dikalikeun 6. CD 1000 keping                    : Rp. .... 7. Cover CD 1000 lembar         : Rp. .... 8. Plastik sampul                       : Rp. .... 9. Biaya desain Cover               : Rp. ....

BATU KARANG

HIRUP mah kudu siga batu karang Sanajan uanggal menit ditarajang ombak sakumaha gedena, tapi manehna tetep cicing nangtung tohaga. Manehna: 1. Pundungan 2. Hayangan pindah kanu aman 3. Narimakeun 4. Teu ceurik balilihan 5. Teu protes ka Pangeran 6. Teu hayangeun males ka ombak 7. Teu aduan 8. Teu muntang saraya ka batur, estuning disanghareupan ku saorangan 9. Sumerah 10. Tahan banting 11. Salawasna ibadah ka Allah

MURWA

Inggih pundika bubuka panggung Rep kadep kadia purwa sinenggih Nayaga ................ Purwa man mandra ya winulan Nayaga ................. Ya sosorot ing gantinang panutus ing cinarita Nayaga ................. Tedak saking pundi pun dados tandaning carita Ya pupung gebang siwalang tunggal Nayaga ............. Den ayu kaden ayu ayu Nayaga ........... Pada tetes tumaretes kang tinaretesanana Asta gangga wira tanu lan patra Nayaga ............. Purwa mendra-mendra winulan sastra Tinuar alon panjang engawuwus sinnggih ganda purwa lantara Purwa : hartosipun wiwitan Tara : itu kedaton Boten wonten mali kejabi di   salebeting pagelaran jawi keraton nagara ........... Nagara ............ Kan Kaceluk ka kandang ewuh Kajamparing angin-angin Kakoncara ka loka janapria Ka kocap ka mancanagara Watek wantos anu jadi sang nalendra dudu dulu dudu loro Anging saweji-wijine bibisik .............. Narpati nagri raja nagar...

Sejama'ah, Tapi Naha Kieu?

Kuring heran.... Naha dina jama'ah Islam tapi jalma-jalmana teu boga ukhuwah Islamiyah. Beungkeutan dulur sa-Islamna euweuh.  Nalika aya dulur sajama'ah nu ngalakukeun salah, kuat ka siga ka musuh. Siga ka nu teu sajama'ah. Teu ngarti. Kuring bener-bener teu ngarti.  Jadi muncul pertanyaan: Ieu teh nu salah teh jama'ahna atawa oknum jalmana? Padahal akhlak Islam mah, tong boro ka nu sajama'ah, saagama, dalah ka nu beda agama ge anger bab kamanusaan mah aya. Teu bisa pedah salah tuluy divonis dumasar emosi. Tapi, kudu dumasar kana kaadilan. Aneh. Aneh pisan. Kuring ngarsa aneh jeung teu ngarti. Naha aya jalma samodel kitu. Nyaeta jalma nu karakterna teh asa aing berkuasa. Asa aing pangsolehna. Asa aing pangkolotna. Asa aing nu bogana. Asa aing bener. Asa aing dipercaya ku nu pangluhurna. Tapi, keun bae ah. Nu penting kuring tetep hirup jeung cicing dina jalan Allah. Sanajan ditakdirkeun kudu dicap goreng, divonis goreng atawa salah. Malah...

Kakarek Cita-cita

Rumasa Diri can bisa Milampah amal nu loba Nu mangfaat keur balarea Rumasa Diri sasampiran Awak sasampayan Darma wawayangan Da dalah kumaha Sakieu aya na Rumasa Ka nu jadi indung Can bisa mulang tarima Sanajan salira geus sepuh yuswa Rumasa Abdi can bisa Mere sugema ka kulawarga Ku haliah dunya Rumasa Diri Heureut pakeun Pungsat bahan Rumasa Diri Sepi pangarti Tuna pangabisa Suwung ti elmu Rumasa Kieu kaayaanana Da dalah dikumaha Da sakieu kamampuhna