Sejama'ah, Tapi Naha Kieu?
Kuring heran....
Naha dina jama'ah Islam tapi jalma-jalmana teu boga ukhuwah Islamiyah.
Beungkeutan dulur sa-Islamna euweuh.
Nalika aya dulur sajama'ah nu ngalakukeun salah, kuat ka siga ka musuh. Siga ka nu teu sajama'ah.
Teu ngarti. Kuring bener-bener teu ngarti.
Jadi muncul pertanyaan: Ieu teh nu salah teh jama'ahna atawa oknum jalmana?
Padahal akhlak Islam mah, tong boro ka nu sajama'ah, saagama, dalah ka nu beda agama ge anger bab kamanusaan mah aya. Teu bisa pedah salah tuluy divonis dumasar emosi. Tapi, kudu dumasar kana kaadilan.
Aneh. Aneh pisan. Kuring ngarsa aneh jeung teu ngarti.
Naha aya jalma samodel kitu. Nyaeta jalma nu karakterna teh asa aing berkuasa. Asa aing pangsolehna. Asa aing pangkolotna. Asa aing nu bogana. Asa aing bener. Asa aing dipercaya ku nu pangluhurna.
Tapi, keun bae ah.
Nu penting kuring tetep hirup jeung cicing dina jalan Allah.
Sanajan ditakdirkeun kudu dicap goreng, divonis goreng atawa salah. Malah najan kudu diberok dina sel tahanan ge keun bae. Itung-itung ngorot-ngorot dosa we. Sok disangahreupan lah. Ku ma dinya we lah. Sakahayang maraneh. Sok lampiaskeun sakarep kahayang nafsu maraneh. Kuring moal ngalawan.
Sabab kuring yakin. Di dunya kuring eleh. Tapi, di payuneun Allah kuring meunang. Kuring yakn sayakin-yakinna yen Allah Maha Adil. Mun kuring nu salah ente bebas urusan jeung kurimg. Tapi, lamun ente nu salah, kuring bakal nungtut ka ente jaga dipayuneun Allah.
Komentar
Posting Komentar