Kakarek Cita-cita
Rumasa
Diri can bisa
Milampah amal nu loba
Nu mangfaat keur balarea
Rumasa
Diri sasampiran
Awak sasampayan
Darma wawayangan
Da dalah kumaha
Sakieu aya na
Rumasa
Ka nu jadi indung
Can bisa mulang tarima
Sanajan salira geus sepuh yuswa
Rumasa
Abdi can bisa
Mere sugema ka kulawarga
Ku haliah dunya
Rumasa
Diri
Heureut pakeun
Pungsat bahan
Rumasa
Diri
Sepi pangarti
Tuna pangabisa
Suwung ti elmu
Rumasa
Kieu kaayaanana
Da dalah dikumaha
Da sakieu kamampuhna
Diri can bisa
Milampah amal nu loba
Nu mangfaat keur balarea
Rumasa
Diri sasampiran
Awak sasampayan
Darma wawayangan
Da dalah kumaha
Sakieu aya na
Rumasa
Ka nu jadi indung
Can bisa mulang tarima
Sanajan salira geus sepuh yuswa
Rumasa
Abdi can bisa
Mere sugema ka kulawarga
Ku haliah dunya
Rumasa
Diri
Heureut pakeun
Pungsat bahan
Rumasa
Diri
Sepi pangarti
Tuna pangabisa
Suwung ti elmu
Rumasa
Kieu kaayaanana
Da dalah dikumaha
Da sakieu kamampuhna
Komentar
Posting Komentar