ABAH SASTRA


LALAMPAHAN ABAH SASTRA

Ku Buta Calung:
Gampang naha sayah mah
LALAMPAHAN ABAH SASTRA
Barayana mang Yana
Mang Yana Majalaya
Lantaran barayana Abah Sastra aya maksad hajat
Hajat badag da nanggap wayang sagala
Ngaran baraya Abah Sastra Mang Carmana
Abah Sastra kapaksa ngala nangka ka Majalaya
Pada jam dalapan Salasa Abah Sastra angkat ka Majalaya
Angkatna kana kandaraan Avanza, wah rada gaya nya
Sabab aya tangkal nangka ngajajar dalapan tangkal na sawah saat
Abah Sastra mawa karanjang da nyangka nangkana arasak
Barang datang ka Majalaya Kasampak tangkal nangka araya
Da apan tangkal nangka mah tara ka mana-mana nya
Abah sastra gagancangan ngalacat hanjat kana tangkal nangka
Barang abah sastra hanjat ngagalacang kana dahan pangbadagna
Abah sastra ngabarakatak dan cacakakakan
Sabab aya haphap badag ngagarayam kana palangkakan
Abah Sastra ajrag-ajragan
Nya Abah Sastra ragrag ka handap kana sawah saat
Abah Sastra sangsara dan nalangsa na sawah saat
Rada lawas Abah Sastra sangsarana
Aya kana dalapan Ahadna
Abah Sastra alpa kana acara hajatna baraya Abah Sastra
Barayana pada tatanya
Ka mana Abah Sastra tak aya?
Nya baraya Abah Sastra angkat ka Majalaya
Kasampak Abah Sastra kaayaanana parah
Lantaran katalangsara na sawah saat
Gara-gara aya haphap kana palangkakan
Panyangkana haphap aya haphap badag na calana abah Sastra
Padahal mah taya haphap ngan aya kadal badag langgananan mamah
Baraya Abah Sastra nanya
Naha Abah Sastra ngala nangka ngagalacang kana tangkal nangka
Pan aya gantar ngarah gancang ngala nangka mah
Nya baraya Abah Sastra mawa Abah Sastra ka Rancabadak
Angkatna mapay-mapay sawah saat nya bras ka jalan aspal
Rada anggang da aya kana dalapan palna
Pas datang ka Rancabadak
Satpam nanya: wah gawat
Gancang bawa kana blangkar
Abah Sastra mapay-mapay gang na blangkar
Nya bras ka kamar  salapan
Rada lawas Abah Sastra ngarandapan panyawatna
Aya kana dalapan abadna
Barayana Abah Sastra  nyangka
Lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majala dan tatamba ka Rancabadak bakal panjang
Salah
Lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majalaya dan tatamba ka Rancabadak akan tamat
Da barayana Abah Sastra ngalayadna salah
Baraya Abah Sastra ngalayadna kalah ka mamar tujuh

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN