SISINDIRAN
SISINDIRAN
Kalayar buah kalayar
Lebet ka cabe mah henteu
Lumayan tambi lumayan
Lebet sae mah henteu
Jeruk purut Cikaruncang
Jambu aer Wanayasa
Camerut hayang ka bujang
Susu laer teu dirasa
Cikaracak ninggang batu
Laun-laun jadi legok
Aya cak cak dina huntu
Laun-laun di lebok
Ecet-ecet oet- oet
Barudak ngarurek belut
Kapelet kuring kapelet
Ku randa nu gede hitut
Hayu batur urang ka Bandung
Jalanna ka Giri Harja
Hayu batur urang nyandung
Urang nurutan aki Barja
Ka Cibogo ka Ci Badak
Meuli ragi di bendungan
Ulah bobogohan jeung budak
Mahugi peupeulendungan
Hiji titik
Dua koma
Nyai cantik
Akang nu boga
Ninyuh ubar ku ci pati
Diwadahan piring gelas
Anu sabar eta pasti
Ku Allah dipika welas
Ngadodorong dorang jeung hayam
Diparaban sampeu atah
Wilujeng boboran siam
Mugia wangsul fitah
Boh bilih ngical kalapa
Candakna nganggo carangka
Boh bilih ka lindih murka
Mugia kersa ngahampura
Boh bilih ka Sukajadi
Ulah hilap meser roti
Boh bilih kalangsu dengki
Mugia kersa ngam’lumi
Barangbang dahan kalapa
Mulang dina jalan suni
Sanajan nu indung bapa
Omat ulah wani-wani
Daun salasih ngareluk
Diseumat ku awi beulah
Nu asih ka pada mahluk
Dirahmat ku Gusti Allah
Melak saledri sareng kangkung
Tangkalna dua ngahiji
Loba istri ditariung
Hanjakal teu bisa ngaji
Rincik cincang rincik rincang
Aya roda na tanjakan
Sidik pisan- sidik pisan
Nyai teh bogoh ka akang
Sora kongkorongok ngembat
Ciri hayam pelung sae
Masing bisa milih sobat
Tong galak jeung saha bae
Ka Banten nyandak batu
Nyandak bola ti Ciledug
Suanten nini meni kitu
Boa-boa nuang guludug
Meuli buku di toko Aneka
Meuli sapatu di Singaparna
Hayang lagu tapak-tapak cinta
Kanggo anjeun nu midua
Leuleumpangan meuli limun
Meulina ku teh fitri
Daripada urang ngalamun
Mendingan ka MTs. Al-Fithri
Beungeut sangar dagang kulit
Sirah jangar teu boga duit
Daun pandan tengahna beulah
Ceuk di Dadan ya sudahlah
Mun nyaba ka Cihanjuang
Kudu mawa lilisungan
Mun nyaah ka kota urang
Kudu miara lingkungan
Mawa hurang ka Pananjung
Meuli minyak dina botol
Kota urang bakal nanjung
Lamun rahayatna getol
Kaliki deukuet kihiang
Ka cai mawa boboko
Lalaki taya nu hayang
Eta pasti jalma jomlo
Aya katel meni loba
Paranti masak nyi iteung
Ieu pel lain narkoba
Tapi obat nyeri beuteung
Mawa angeun ti Ci Kuya
Mawa sendal ti Ci Kokol
Baju anjeun memang gaya
Hanjakal meuli ti cimol
Jalan-jalan ka kota Bandung
Teu poho meuli buah naga
Hayu urang rajin nabung
Pibekeleun poe jaga
Jalan- jalan ka kota Mekkah
Teu poho meuli buah naga
Hayu urang rajin ibadah
Pibekeleun asup ka surga
Ka kota ka Leuwi Panjang
Meuli peuyeum ti Pangkalan
Keur naon buuk panjang
Ari tara dikuramasan
Meuli suling ti Cipadung
Rek nembang di Pangalengan
Kota kuring kota Bandung
Kota kembang panineungan
Kacinta poe senen
Mawa impun dina korang
Orang kota harus keren
Meskipun tak punya uang
Ka Cirata mawa pacul
Balikna rek tumpak delman
Orang kota harus gaul
Tidak ketinggalan jaman
Iwung bungkulna maju
Nangka tangkalna dibabad
Indung tunggul rahayu
Bapa tangkal darajat
Jalan-jalan ka Cianjur
Nejek batu ngajelegur
Hanas meulibajigur
Diambeuan bau bujur
Ini lautan bukan kolam susu
Nini nundutan si aki nyonyoo bedil
Nu ngaliwet dina dalung
Disuluhan ku palapah
Saha nu resep tutulung
Meunang ganjaran ti Allah
Komentar
Posting Komentar