NUNDUTAN
Baheula kuring kungsi ngalaman tikusruk, tijungkel. Kieu caritana, harita kuring teh rek ngarit. Kuring ngasah heula arit, ngan teu tuluy indit, tapi ngadon moyan heula di pipir imah. Ngeunahna nu ngaranna moe tonggong dina mangsa srangenge kakarek hanjat ti saluhureun gunung. Cahaya surya nyorot kana tonggong kuring. Karasa haneut. Saking ngeunah, beuki lila kuring ngarasa tunduh. Tuluy we lelenggutan nundutan. Na atuh, gubrag teh kuring digubrag. Kabeneran hareupeun kuring teh aya batu nu sabagianana muncul ka luar taneuh. Geduk tarang kuring ngajeduk kan batu, langsung tarang kuring ngajendol sagede endog hayam.
Geus kitu mah kuring ngarasa leungit rasa tunduh kaganti ku rasa nyeri. Tuluy nguniang bari ngaleos indit ngarit. Hikmahna mah kuring teu beurang teuing indit ngarit teh. Ti harita mah kuring tara nundutan deui di pipir imah.
Ngan aya deui kajadian bab nundutan mah, nyaeta nalika nundutan di kantor sakola. Pas nundutan, babaturan kuring Kang Kusmulyadi niup piriwit sataker kebek. Atuh kuring sapada harita ngorejat reuwas pisan. Aya-aya wae nya. Boga babaturan teh rupa-rupa adat pasipatan. Kusmul mah kitu da mun kuring nundutan, manehna langsung ngagareuwahkeun kuring. Sok niup piriwit atawa ngajorowok, "kahuruan-kahuruan....kahuruan-kahuruan"
Aya deui carita bab nundutan mah, nyaeta nalika budak kadua neng Kaila dibawa ka sakola. Tuluy geus lila manehna diuk dina korsi paragi kuring bari lalajo vidio dina netbook. Da ari uyah mah tara tees ka manehna, eh..., ka luhur. "Buah ragrag tara jauh ti tangkalna". Bapana sok nundutan atawa babari sare, nya budakna ge moal jauh. Hehe. Harita kuring rada jauh ti manehna, na eta mah koceak teh neng Kaila ngoceak tuluy ceurik tarik pisan. Sihoreng manehna nundutan tuluy ngajedak kana biwir meja. Halisna langsung ngajendol warna hejo. Ku kuring gancang diburu, tuluy dibawa balik bari diubaran ngarah tuluy sare ari di imah mah.
Tah sakitu heula nya. Engke urang sambung deui mun aya deui carita bab nundutan nya.
Komentar
Posting Komentar