Panon Poe


Rahmat Anung Sunarya
Panon Poe
Cipt. Rahmat Taufik Hidayat
Arr. Adie Gunawan
Videografer. Adie Gunawan



Unggal isuk pasti datang
Panon poe mere caang
Keur makhluk nu kumelendang
Nu rek nyorang mangsa beurang

Kongkorongokna hayam jeung sora manuk na dahan
Siga nu nitah nitah hudang
Ngahudangkeun nu rek miang
Nyiar rizki die ieu alam

Tong kapiheulaan ku hayam
Tong kapiheulaan ku caang
Sangkan urang beubeunangan
Riki anu jembar halalan thoyyiban

Hayu gawe nu rancage
Ulah sok hese beleke
Komo bari diengke-engke
Tong talangke bisi gawe teu kapake

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN