Ngirim Suluh
Baheula keur SD kuring sok ngahaja ngala suluh tuluy dianteurkeun ka guru kuing tapi teu mindeng, pa Suharto. Nu kadua sok ngirim suluh teh ka Cipinang ka nini kuring ma Ajin. Sanajan kuring teu diurus ku ma Ajin jeung pa Adi, tapi da sarua eta teh nini kuring. Nya wajar we mun kuring ge aya kaingetan ka nini. Peupeuriheun atuh jeung bapa teu kungsi panggih, atuh nya jeung nini aki kuring atuh kuring bisa patepung. Bari jeung teu unggal minggu,paling sabulan sakali.
Mun ka Cipinang rek mondok teh sok ngahaja poe Saptu malem Minggu. Ngarah isukna libur pan. Da kuring keur sakola SD. Poe Minggu kuring sok mantuan ngarit ka HBM Cikalong. Tara loba, ngan sakarung. Geus ngarit mah kuring tuluy lalajo TV. Geus sore, Ashar, kuring balik ka Cisarakan. Leumpang. Da harita mah ti Cisarakan ka Cipinang teh asa deukeut da. Ti Cisarakan leumpang ka Pasir Landu, terus ka Pasir Batu, Terus ka Cibugis, terus ka Talun, terus ka Mekarsari, terus ka Tajur, terus we ka Cipinang.
Ma Ajin tiap dinten icalan gorengan nguriling ti Mekarsari dugi Cipinang. Sabangsaning gehu, bala-bala, ali agrem, piasng goreng, comro, misro. Leuwihna mah mun kuring mondok sok dibikeun ka kuring.
Mun pa Adi mah damelna manday, ngadamelan pakakas sabangsaning arit, peso, bedog, parang, peso raut. Salian ti eta, ngurus domba, sawarehna domba adu.
Komentar
Posting Komentar