HESE SARE







Gara-gara nginum kopi beurangna, kuring jadi teu bisa sare. Heuueh teuing kumaha atuh. Da dipeureum-peureum ge teu bisa peureum. Padahal mah isuk teh kuring rek ngajar. Aya bahan rada nundutan siga na mah. Duh ripuh nya ari teu bisa sare. Awak ripuh, panon tunduh beurangna.
Sare teh ni’mat ti Allah. Nu kudu salawasna disyukuran ku urang. Sabab, mun jalma teu bisa sare saumur-umur. Nya pasti ripuh awakna. Malah, baheula ge keur waktu sok siaran di radio komunitas karasa pisan. Harita siaran sapoe jeput. Ti subuh jam tilu nepika peuting deui jam dua belas. Duh ripuhna luar biasa. Sirah lieur, nafsu dahar leungit. Awak lalungse.
Mujikeun ka jalma-jalma anu saribuk usaha di pasar. Ti jam sabelas peuting geus tatahar. Jam dua subuh geus siap ngagelarkeun dagangan nepi ka isuk-isuk jam dalapan atawa jam salapan.
Pangorbanan hayang ngaraih dunya teh gening teu gampang. Kudu daek mindahkeun sare ti peuting ka beurang. Malah sawarehna deui mah nepi ka melaan cul solat subuh. Tong boro tahajud, solat subuh oge kabeurangan.
Balik deui kana masalah hese sare. Heueuh peuting ieu kuring asa leungit katunduh. Peuting ieu peuting anu ripuh kacida. Teu bisa kukumaha. Waktu kalahka terus nyerelek,ayeuna kalahka geus jam 01.02, can tunduh bae. Beu. Naha bet kieu ieu teh.
Hayang geura sare, meni ku hese-hese teuing.


Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN