KAWIH UNDAK-USUK BASA Abdi mios, bapa angkat Abdi dongkap bapa sumping Abdi wangsul bapa mulih Abdi terang, bapa uninga Abdi neda, bapa tuang Abdi nyanggem, bapa nyarios Abdi nanya, bapa naros Abdi nguping, bapa ngadangu Abdi mondok, bapa kulem Abdi mandi, bapa siram Abdi ngabantun, bapa nyandak Abdi ningal, bapa ningali Abdi gaduh, bapa kagungan Abdi hoyong, bapa palay Abdi nyuhunkeun, bapa mundut Abdi sorangan, bapa nyalira Abdi isin, bapa lingsem Abdi diuk, bapa calik Abdi hilap, bapa lali Abdi udur, bapa teu damang Abdi panon, bapa soca Abdi irung, bapa pangambung Abdi biwir, bapa lambey Abdi halis, bapa kening Abdi letah, bapa ilat Abdi kelek, bapa ingkab Abdi heuay, bapa angob Abdi ceuli, bapa cepil Abdi beuheung, bapa tenggek Abdi pipi, bapa damis Abdi taktak, bapa taraju Abdi sirah, bapa mastaka Abdi gado, bapa angkeut Abdi leungeun, bapa panangan Abdi suku, bapa sampean Abdi ramo, bapa...
Postingan populer dari blog ini
PAKEMAN BASA
PAKEMAN basa teh nyaeta wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tatabasa atawa unsur-unsur pangwangunna. Dumasar kana watesan di luhur, pakeman basa teh ngabogaan sababaraha ciri, diantarana wae: 1. Ungkara basa anu husus tur mandiri 2. Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok 3. Susunan kecap-kecapna teu bisa dirobah 4. Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun 5. Harti nu dikandungna mangrupa babandingan siloka lakuning hirup manusa 6. Harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna Anu kaasup kana pakeman basa teh lain ngan babasan jeung paribasa wungkul, tapi aya deui nu sejenna saperti kekecapan, rarakitan lantip, cacandran, candrasangkala, caturangga, uga, repok, jeung panyaraman. Babasan, nyaeta kecap atawa gundukan kecap (frasa) anu ngandung harti jeung maksudna geus matok sarta ngandung harti injeum...
SISINDIRAN
SISINDIRAN Kalayar buah kalayar Lebet ka cabe mah henteu Lumayan tambi lumayan Lebet sae mah henteu Jeruk purut Cikaruncang Jambu aer Wanayasa Camerut hayang ka bujang Susu laer teu dirasa Cikaracak ninggang batu Laun-laun jadi legok Aya cak cak dina huntu Laun-laun di lebok Ecet-ecet oet- oet Barudak ngarurek belut Kapelet kuring kapelet Ku randa nu gede hitut Hayu batur urang ka Bandung Jalanna ka Giri Harja Hayu batur urang nyandung Urang nurutan aki Barja Ka Cibogo ka Ci Badak Meuli ragi di bendungan Ulah bobogohan jeung budak Mahugi peupeulendungan Hiji titik Dua koma Nyai cantik Akang nu boga Ninyuh ubar ku ci pati Diwadahan piring gelas Anu sabar eta pasti Ku Allah dipika welas Ngadodorong dorang jeung hayam Diparaban sampeu atah Wilujeng boboran siam Mugia wangsul fitah Boh bilih ngical kalapa Candakna nganggo carangka Boh bilih ka lindih murka Mugia kersa ngahampura Boh b...

Komentar
Posting Komentar