PAKEMAN BASA
PAKEMAN basa teh nyaeta wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tatabasa atawa unsur-unsur pangwangunna. Dumasar kana watesan di luhur, pakeman basa teh ngabogaan sababaraha ciri, diantarana wae:
1. Ungkara basa anu husus tur mandiri
2. Winangun kalimah atawa gundukan kecap anu geus matok
3. Susunan kecap-kecapna teu bisa dirobah
4. Kecap-kecapna teu bisa diganti atawa dilemeskeun
5. Harti nu dikandungna mangrupa babandingan siloka lakuning hirup manusa
6. Harti nu dikandungna teu bisa dihartikeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa atawa harti nu dikandung ku unsur-unsurna
Anu kaasup kana pakeman basa teh lain ngan babasan jeung paribasa wungkul, tapi aya deui nu sejenna saperti kekecapan, rarakitan lantip, cacandran, candrasangkala, caturangga, uga, repok, jeung panyaraman.
Babasan, nyaeta kecap atawa gundukan kecap (frasa) anu ngandung harti jeung maksudna geus matok sarta ngandung harti injeuman atawa kiasan. Contona:
1. Hampang birit = babari dititah
2. Gede hulu = sombong
3. Buntut kasiran = koret, medit

Komentar
Posting Komentar