Nyungsi Prasasti


Nyungsi Prasasti
Vokal: Rahmat Anung Sunarya
Cipt. Paung JK
Arr. Adi Gunawan
Videografer.



Tutunggul anu parentul
Tetengger ngajanteng anger
Hempak rampak pajaratan
Bukti nyata jeung iberan

Sakti teu jejerih pati
Gagah teu lebar ku nyawa
Pahlawan pembela bangsa
Urang ngarumat rumaksa

Para Lurah miara situs sejarah
Para Camat ngarawat tempat karamat
Pa Bupati pamatri nyungsi prasasti
Pa Gubernur pigur nu berbudi luhur

Selaku rahayatna
Tuhu ka papayungna
Teu kaku keur lumaku
Nu penting meunang restu

Saperluna nyarita
Nu loba karya nyata
Kerja bakti teu pamrih
Najan ripuh tanpa buruh

Gelik suling Biola barung handaru
Teu panuju mun ulah ngaharu biru
Jentrengna kacapi ngageurih nurihan diri
Sok inggis pangeusi negri lali kana purwa daksi

He barudak hidep andelan nagara
Nu nangtukeun rek mundur majuna bangsa
Negri urang titipan para pahlawan
Temrakeun kaparigelan ku karya sewang-sewangan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN