Ucang Angge


Rahmat Anung Sunarya Feat Nasrul
Ucang Angge
Cipt. Wawan Herna
Arr./Vid. Adi Gunawan



BAPA
Jang! Ucang angge
Mulung muncang ka parangge
Si Ujang lamun geus gede
Kudu jadi jalma hade

NASRUL
Ka Garut ka Dayeuh Kolot
Maju ka Kebon Kalapa
Abdi rek nurut ka kolot
Ngagugu papatah bapa

BAPA
Jang....Ujang! Hidep ulah salah leumpang
Salawasna kudu eling ka Pangeran
NASRULL
Tong melang bapa tong bade salempang
Kapan Ujang inget piwuruk piwulang

Ka Cibadak ka Cigoong
NASRULL
Ka Bandung jalan ka Kota
Ah abdi moal rek bedegong
Rek nurut ka indung bapa

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN