Gunung Puntang


Rahmat Anung Sunarya
Gunung Puntang
Cipt. Wawan Herna
Arr. Adi Gunawan
Videografer.




Katingal ti katebihan
Di palebah gunung puntang
Ngareret ka beulah wetan
Lembur kuring pangancikan

Inget keur mangsa ka tukang
Basa anjeun kedal lisan
Ayeuna bet luluasan
Ninggalkeun taya laratan

Tepung jeung gunung Malabar
Nyaksian tresna nu udar
Cinta ukur saliwatan
Harepan reuntas di jalan

Naon jadi lantaran
Pasini teu ditemonan
Naon nu jadi alesan
Naha anjeun luluasan

Gunung Puntang
Ngarep-ngarep anjeun datang
Di Gunung Puntang
Cinta salawasna manjang

Gunung Puntang
Jadi saksi cinta urang
Di palebah Gunung Puntang
............................................


Gunung Puntang
Marengan rasa salempang
Di dinya di Gunung Puntang
Harita anjeun pamitan

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN