MATUH
DINA hirup mah kudu matuh sangkan matih. Maksudna khususna dina bab ngasah kaahlian diri atawa pacabakan sapopoe. Ulah pundah-pindah pacabakan. Ulah gunta-genti ngembangkeun kaahlian diri. Sabab peso bisa seukeut kusabab diasah terus. Sabalikna mun diantep moal seukut tapi bakal mintul tai hiangan.
Dina usaha nyiar kipayah, pasti teu anger kondisina. Kadang alus hasilna kadang henteu. Kadang untung kadang rugi. Kadang hasil kadang henteu. Kadang gancang kepetik hasil kaala buahna, kadang lila. Rupa-rupa proses ikhtiar ngajemput rezeki anu geus diawurkeun ku Allah.
Dina bab ngembangkeun bakat jeung ngajalankeun usaha mah kudu matuh tong gunta-genti. Komo mun umur geus maju ka kolot. Sabab mun gunta-genti usaha atawa pakasaban. Tangtu bakal ti nol deui ti nol deui, teu naek kaangka nu leuwih luhur nu leuwih gede nileyna. Tangtu dina pangalaman jeung elmuna ge bakal ti awal deui.
Tapi, mun matuh mah tangtu tinggal ngamajukeun kalayan daria oge ngamodalan leuwih gede jeung manajemen nu leuwih hade. Ngembangkeun usaha nu geus heubeul digarap bakal beda pisan jeung ngagarap usaha nu kakarek ngamimitian. Pasti ngayapna, tangtu ngarayap cupu-capana.
Tong rayungan pedah aya peluang usaha anyar nu ceuk beja alus propekna mun dijalankeun. Tong waka kabongroy ku kauntungan nu gede bari kakarek ceuk batur. Da kadang hiji usaha teh teu bisa sarua untungna mun dilakukeun ku loba jalma. Sawarehna kadang hasilna beda jeung nu sejenna, gumantung kana kaparigelan dina ngajalankeunana.
Can siap mah tong waka ngarancabang usaha. Hiji heula, sarupa heula. Mun geus weweg kakara teu nanaon mun rek ngamekarkeun eta usaha atawa rek ngajalankeun usaha nu lianna. Tapi, mun hiji usaha can weweg mah pondasina tong waka ngarancabang. Bisi teu kaperhatikeun atawa kagarap bener-bener. Hiji heula cing nepika sukses, badag, maju. Kakara mun rek investasi, bisa ngajalankeun usaha anyar
Komentar
Posting Komentar