Curug Cipinang


Curug Cipinang
Rhmat Anung Sunarya
Cipt. Paung JK
Arr. Adi Gunawan



Cai nu ngagenclang herang
Ninggang batu lewang jungkrang
Kisampang nu ngarangrangan
Rarangken curug cipinang

Tepis wiring papaesna
Lamping pasir pamuntangna
Sabda alam pawarisna
Lestari dina kodratna

Ulah rek lali kana talari  paranti
Komo mun tega dina budaya miara
Asa seger nyecep tiis
Angin lirih Pasir Ipis
Lir pameunteu anu geulis dirungrum sewu mamanis

Kadaka nu ngarandaka
Ngahias Genep Paraya
Ruyuk rungkun saliara
Rasa resep nyaliara

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN