Kuwung-kuwung
Rahmat
Anung Sunarya
Kuwung-kuwung
Cipt.
Rahmat Taufik Hidayat
Arr.
Adie Gunawan
Miripis
hujan miripis
Kasorot
panon poe sore
Nemrak
warna-warni di langit
Kuwung-kuwung
palebah gunung
Anu
geulis duh anu geulis
Kunaon
teu aya wae
Kalangkangna
kabayang bae
Maturan
diri keur tunggara hate
Ditilik
ti gigir lengik
Ditingal
ti tukang lenjang
Diteuteup
ti hareup sieup
Anjeunna
panutan nu matak geugeut
Tarangna
teja mentrangan
Halisna
ngajeler paeh
Pangambung
kuwung-kuwungan
Pipina
ngadaun seureuh
Gadona
endog sapotong
Komentar
Posting Komentar