KAWIH UNDAK-USUK BASA Abdi mios, bapa angkat Abdi dongkap bapa sumping Abdi wangsul bapa mulih Abdi terang, bapa uninga Abdi neda, bapa tuang Abdi nyanggem, bapa nyarios Abdi nanya, bapa naros Abdi nguping, bapa ngadangu Abdi mondok, bapa kulem Abdi mandi, bapa siram Abdi ngabantun, bapa nyandak Abdi ningal, bapa ningali Abdi gaduh, bapa kagungan Abdi hoyong, bapa palay Abdi nyuhunkeun, bapa mundut Abdi sorangan, bapa nyalira Abdi isin, bapa lingsem Abdi diuk, bapa calik Abdi hilap, bapa lali Abdi udur, bapa teu damang Abdi panon, bapa soca Abdi irung, bapa pangambung Abdi biwir, bapa lambey Abdi halis, bapa kening Abdi letah, bapa ilat Abdi kelek, bapa ingkab Abdi heuay, bapa angob Abdi ceuli, bapa cepil Abdi beuheung, bapa tenggek Abdi pipi, bapa damis Abdi taktak, bapa taraju Abdi sirah, bapa mastaka Abdi gado, bapa angkeut Abdi leungeun, bapa panangan Abdi suku, bapa sampean Abdi ramo, bapa...
Postingan populer dari blog ini
PERKARA BIANTARA
SACARA umum, dina prakna nepikeun biantara kudu nitenan sawatara hal ieu dihandap: 1. Parigel muka biantara, sing teges nepikeun jejer biantara. 2. Eces nepikeun eusi biantara, biasana mah direumbeuy ku babasan jeung paribasa. 3. Ngentep-seureuhna nyarita sing ngaruntuy. Ulah ka ditu ka dieu teu puguh. 4. Rengkak, pasemon jeung lentong nyarita. 5. Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa. 6. Gaya basa kudu pikatajieun, biasana mah ku cara nyelapkeun banyol atawa humor. 7. Parigel dina nutup biantara, biasana mah sok dipungkas ku menta hampura bisi salila biantara aya kekecapan anu nyigeung ka pamiarsa. STRUKTUR BIANTARA 1.Salam bubuka 2. Bubuka 3. Runtuyan eusi 4. Panutup 5. Salam panutup PADIKA JEUNG GAYA BIANTARA 1. Dadakan (Impromptu) 2. Catetan Ringkes (Ektemporan) 3. Naskah (Manuskrip) 4. Talaran (Memoriter) 6 LAGAM DINA NEPIKEUN BIANTARA 1. Lagam Religius 2. Lagam Agiator 3. Lagam Konversasi 4. Lagam Didaktik 5. Lagam Sentimentil 6. Lagam ...
SISINDIRAN
SISINDIRAN Kalayar buah kalayar Lebet ka cabe mah henteu Lumayan tambi lumayan Lebet sae mah henteu Jeruk purut Cikaruncang Jambu aer Wanayasa Camerut hayang ka bujang Susu laer teu dirasa Cikaracak ninggang batu Laun-laun jadi legok Aya cak cak dina huntu Laun-laun di lebok Ecet-ecet oet- oet Barudak ngarurek belut Kapelet kuring kapelet Ku randa nu gede hitut Hayu batur urang ka Bandung Jalanna ka Giri Harja Hayu batur urang nyandung Urang nurutan aki Barja Ka Cibogo ka Ci Badak Meuli ragi di bendungan Ulah bobogohan jeung budak Mahugi peupeulendungan Hiji titik Dua koma Nyai cantik Akang nu boga Ninyuh ubar ku ci pati Diwadahan piring gelas Anu sabar eta pasti Ku Allah dipika welas Ngadodorong dorang jeung hayam Diparaban sampeu atah Wilujeng boboran siam Mugia wangsul fitah Boh bilih ngical kalapa Candakna nganggo carangka Boh bilih ka lindih murka Mugia kersa ngahampura Boh b...
Komentar
Posting Komentar