Harendong


Rahmat Taufik Hidayat
Harendong
Cipt. Wawan Herna
Arr. Adi
Produksi: Giri Pawana Edutainment
Lokasi Shooting: Villa Cisangkuy



Di suku gunung lamping pasir lengkob lembur
Na kunaon hate bet jadi tagiwur
Palangsiang bakal peunggas pangharepan
Da sok inggis ditampik ku anu lenjang

Tangkal harendong buahna meuhpeuy harideung
Na kunaon hate teh bet jadi keueung
Apan urang tos lami henteu patepang
Rasa guligah jantung ratug tutunggulan

Harendong kunaon buah harendong
Lamun nganjang kunaon bet hayang ngendong
Harendong kunaon buah harendong
Cinta akang moal jalir moal bohong

Mun akang balaka
Sieun teu ditampa
Lamun teu ditampa
Hate teh tunggara

Hanjuang kunaon daun hanjuang
Lamun nganjang naha jadi poho mulang
Hanjuang kunaon daun hanjuang
Cinta akang lain ukur pupulasan

Mun eneng narima
Kacida bagjana
Mun henteu narima
Atuh moal laksana

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN