KAWIH UNDAK-USUK BASA Abdi mios, bapa angkat Abdi dongkap bapa sumping Abdi wangsul bapa mulih Abdi terang, bapa uninga Abdi neda, bapa tuang Abdi nyanggem, bapa nyarios Abdi nanya, bapa naros Abdi nguping, bapa ngadangu Abdi mondok, bapa kulem Abdi mandi, bapa siram Abdi ngabantun, bapa nyandak Abdi ningal, bapa ningali Abdi gaduh, bapa kagungan Abdi hoyong, bapa palay Abdi nyuhunkeun, bapa mundut Abdi sorangan, bapa nyalira Abdi isin, bapa lingsem Abdi diuk, bapa calik Abdi hilap, bapa lali Abdi udur, bapa teu damang Abdi panon, bapa soca Abdi irung, bapa pangambung Abdi biwir, bapa lambey Abdi halis, bapa kening Abdi letah, bapa ilat Abdi kelek, bapa ingkab Abdi heuay, bapa angob Abdi ceuli, bapa cepil Abdi beuheung, bapa tenggek Abdi pipi, bapa damis Abdi taktak, bapa taraju Abdi sirah, bapa mastaka Abdi gado, bapa angkeut Abdi leungeun, bapa panangan Abdi suku, bapa sampean Abdi ramo, bapa...
Postingan populer dari blog ini
Pasir Ipis
Rahmat Anung Sunarya Pasir Ipis Cipt. Wawan Herna Arr. Adi Gunawan Videografer. Hujan leutik ngaririncik Marengan kasedih ati Indit ditinggalkeun pundung Ku panutan buah hate Disimbutan ku halimun Pasir nu keur alum nguyung Marengan rasa tunggara Deudeuh teuing Urang kumpul sasarengan Jigahna mah moal ka sorang Teungteuingeun teungteuingeun Anjeun dipisanding deungeun Anjeun anu hamo wangsul Nu moal bisa disusul Tega teh kamalinaan Tega teuing Pasir Ipis Ngadangding hariring kuring Pasir Ipis Marengan kuring nunggelis Hamo datang Ku sakedap Hamo datang Sakoteap
PERKARA BIANTARA
SACARA umum, dina prakna nepikeun biantara kudu nitenan sawatara hal ieu dihandap: 1. Parigel muka biantara, sing teges nepikeun jejer biantara. 2. Eces nepikeun eusi biantara, biasana mah direumbeuy ku babasan jeung paribasa. 3. Ngentep-seureuhna nyarita sing ngaruntuy. Ulah ka ditu ka dieu teu puguh. 4. Rengkak, pasemon jeung lentong nyarita. 5. Sorot panon diusahakeun sumebar ka pamiarsa. 6. Gaya basa kudu pikatajieun, biasana mah ku cara nyelapkeun banyol atawa humor. 7. Parigel dina nutup biantara, biasana mah sok dipungkas ku menta hampura bisi salila biantara aya kekecapan anu nyigeung ka pamiarsa. STRUKTUR BIANTARA 1.Salam bubuka 2. Bubuka 3. Runtuyan eusi 4. Panutup 5. Salam panutup PADIKA JEUNG GAYA BIANTARA 1. Dadakan (Impromptu) 2. Catetan Ringkes (Ektemporan) 3. Naskah (Manuskrip) 4. Talaran (Memoriter) 6 LAGAM DINA NEPIKEUN BIANTARA 1. Lagam Religius 2. Lagam Agiator 3. Lagam Konversasi 4. Lagam Didaktik 5. Lagam Sentimentil 6. Lagam ...
Komentar
Posting Komentar