Sarakan Kuring


Rahmat Anung Sunarya
Sarakan Kuring
Cipt. Rahmat Taufik Hidayat
Arr. Adie Gunawan


Aya di suku gunung
Cai cur-cor di wahangan
Pare hejo endah katempo
Tah eta sarakan kuring

Katingker ku pasawahan
Kaiuhan ku punduk gunung
Kuring riung mungpulung
Kumpul sadudulur

Ngala hurang di susukan
Nyair lauk dina balong
Ngundeur genjer jeung eceng di sawah
Ngojay dina leuwi di walungan nu caina herang


Komentar

Postingan populer dari blog ini

PERKARA BIANTARA

SISINDIRAN